Balai Desa Balida Kecamatan Dawuan Majalengka |
Waktos abad ka-18 aya kajadian di
karajaan mataram nyaeta pamarentahan mataram nyaeta pamarentahan belanda ker
ngudag –ngudag raja mataram. Lantaran di udag-udag Prabu Maya Geni sareng
Garwana kabur, lumpat ka palih kulon di hiji wewengkon di tengah leuweung ni
kiwari eta wewengkon teh di aranan Ci Jurey (Kecap asal tina pelarian).
Prabu Maya Geni sareng Permaysurina
ngalajengkeun lalampahana ka palih kaler, nu kaleresan waktos harita permaysuri
keur kakandungan bulana janten di tempat eta oge sang permaysuri ngalahirkeun
hiji orok lalki nudugi ka ayeuna eta wewengkon dib ere aran borojol (Desa Suka
Ratu Kabupaten Sumedang) terus waktos harita sang raja sareng istri ka
sumpingan patih na nu namina Yudi Pati nu kaleresan sami-sami kabur ti kerajaan
mataram tah tiharita raja mere pancen ka patihna pikeun nyandak jeung
ngabersihan bali di bere ngaran (Pangumbahan) nyaeta Desa Paku Bereum Kecamatan
Kertajati Kabupaten Majalengka.
Sa engeus eta kulantaran tempat
nyamunina ka nyahoan ku pamarentah raja miwah instrina sareng patihna
ngalajengkeun lumampahna dugi ka hiji wewengkon di Leuweung Geledegan tapi eta
tempat teh dipikabetah raja miwah
istrina Katut Patih nu mawa bali anak lalakina, dugi ka ayeuna eta wewengkon
dibere ngaran Desa Sukawana Kecamatan Kertajati Kabupaten Majalengka.
Saterasna Raja Miwah intri sareng
patihna ngajugjug ka belah wetaneun walungan Cimanuk nu waktu harita walungan
Cimanuk nu legana mung ukur 10 m, jadi didinya the raja saren istri netep di
hiji wewengkon nu dibere ngaran Pasir. Saterasna, alatan raja istri sareng
anakna rek milarian tempat panyumputan teras raja mere pancen ka patihna pikeun
nungguan bali ulah sampe leungit sateu acan raja balik deui ti tempat
nyumputna.
Numutkeun carita eta raja dugi ka
waktos 20 dinten lamina teu daekeun sumping jadi kualatan patih tos lami
nungguan bali sedengkeun bekel tos teu nyesa jadi anjeuna kalaparan teras bari
nyepeng bali eta patih nyarios “Gusti mugi ulah janten bendu galih ieu bali di
teda ku kaula margi kaula lapar” tah tiharita asal-usul Balida the asal tina
kecap Bali di Teda eta kajadian the dina poe Senen kaping 11 Juli 1821 Masehi.
Saatosna sumping ti panyumputan raja sareng istri lajeng naros ka patihna
ngeunaan bali nu di tungguana singhoreng bali teu aya tos di dahar ku patihna,
ngadangu kitu raja ngambek bari ngucapkeun kutukan ka patihna tah ti harita oge
patihna ngadadak janten maung bodas nu dibere tanda awi hideung (bitung gulung)
saterasna di aranan “Masyudi Pati Bali Winata” nu hartosna Patih nu Neda Bali
Katurunan Raja.
Lajeng di taun 1827 masehi
kasumpingan tamu ti Mataram nu namina Santijem atanapi Buyut Santri. Saterasna
dina taun 1829 masehi dongkapna tamu nu
ti Cirebon Nyi Rangda Kasih atanapi Buyut Rangda teras nyusut dina tahun 1838
masehi sumping tamu ti kasepuhan Cirebon nya eta Mbah Karta Wijaya nu langkung
di kenal sareng nami Raksa Desa Ki Sade. Tah kitu riwayat asal muasal Desa
Balida kirang langkungna neda di hapunten nu sa
ageung-ageungna.
Artikel Terkait