Tempat Ngeblogna Orang Balida

Sejarah Singkat Desa Mandapa (Basa Sunda)

Salah sawios di hiji Desa / Dusun anu katelahna LEMAH MUNGKUK Cirebon. Kacarioskeunana gaduh anak istri, anu geulisna tos kakoncara namina “BUYUT IMBAR”. Kanggo milari jodoh putrina Lemah Mungkuk Cirebon ngabika sayembara anu kenging sayembara kaleresan RADEN ARIA SALINGSINGAN putra GAGAK AMBARAN anu katelahna PANGERAN TALAGA MANGGUNG ti Talaga. Upacara nikah di lajengkeun sakumaha acara adat. Ku hanjakalna dina waktos panganten nuju bulan madu panganten pameget RADEN ARIA SALINGSINGAN kenging tugas ti ramana kanggo tapa, sok sanaos abot ngantunkeun istrina RADEN ARIA SALINGSINGAN kedah angkat ka salah sawios tempat di TASIKMALAYA kanggo ngalaksanakeun tapa tugas ti ramana. Samulihna ti petapaan RADEN ARIA SALINGSINGAN kaget ningali istrina nuju ngandung 6 (genep) sasih. Atuh langsung wae RADEN ARIA SALINGSINGAN curiga ka istrina, dugikeun emutana nuduh salingkuh sareng lalaki anu sanes. Atuh puguh wae istrina teu nampi anu ahirna timbul papaseaan, ahirna RADEN ARIA SALINGSINGAN janji dimana anakna lahir bakal dipalidkeun ka kali. Gerentes manahna dimana lamun bayi palid, pertanda hasil salingkuh upami teu palid cirining asli darah daging anjeuna.
Saparantos kajantenan kitu tilu bulan lamina lahir murangkalih pameget teu acan dinamian oge. Ku RADEN ARIA SALINGSINGAN murangkalih dicandak ka kali langsung dipalidkeun, dugi ka tilu kali eta bayi teu daekkeun palid, malah nyakeutan ka RADEN ARIA SALINGSINGAN. Anu ahirna anjeuna sadar yen bayi eta teh putra nyalira, teras bae dipasihan nami KAMBANG tina asal “Ngambang” dina kali. Saparantosna gaduh putra RADEN ARIA SALINGSINGAN ditugaskeun deui ku ramana kedah tapa deui anu ka dua kalina, tangtos ngantunkeun deui ka keluargana.
Dina waktos angkat nu kadua kali teu disebatkeun tempatna, anu jelas angkatna ka palih kulon. KAMBANG tos tumbuh ageung malih rerencangan amengna nyebatkeun si KAMBANG teh teu bogaeun bapa sareng nyarios nu sanes-sanes. Rupi-rupi hinaan KAMBANG ahirna ngadu ka ibuna. Ibuna nyaritakeun saleresna, anjeun anaking kagungan bapa, ayeuna keur ngalaksanakeun tugas ti bapana kudu tapa, nanging ibu teu terang dimana tapana, anu jelasmah angkatna ka kulon.
Saparantos mireng katerangan ti ibuna KAMBANG teras bae nuhunkeun widi sareng do’a restu ti ibuna kanggo milari bapana dugikeun kapendak tekadna. Sok sanaos nanggung resiko naon bae syahdan KAMBANG perjalanana dugi ka dusun WANA AGEUNG anu katelahna Desa Leweunggede. Di eta dusun KAMBANG kenging petunjuk ti aki sareng nini MANTAOK, upami hayang panggih jeung bapa anjeun kudu datang ka Leuweung Kaso anu ayeuna katelahna KASO KANDEL ke bakal manggih tangkal caringin upami kapendak tangkal caringin anjeun ngiuhan bae dihandapeunana.
Kaleresan di Leuweung Kaso aya tangkal caringin, pas nuju ngiuhan teu karaos ku anjeuna kasarean. Nuju sare pules ngimpi pendak jeung jalma anu gagah, anjeuna ngaku RADEN ARIA SALINGSINGAN, atuh langsung bae KAMBANG hudang bari jeung kaget tangkal caringin anu dipake tempat ngiuhan teh ngadadak leungit. Kumargi bingung KAMBANG neraskeun tujuana ka palih wetan. Di hiji tempat anjeuna kaget ningali aya tangkal caringin anu persis tangkal caringin anu dipake ngiuhan di Leuweung Kaso. Ahirna kambang sumujud ka tangkal caringin anu salajeungna tangkal caringin teh dituar ku anjeuna. Tapi aya kaanehan tangkal caringin anu tadi dituar teh leungit ngajirim janten jalmi lalaki gagah tur perkasa sareng kasep pisan. Teu lami eta lalaki nyarios KAMBANG ieu teh bapa anjeun, ahirna KAMBANG teras bae nuhunkeun dihampura.
Artikel Terkait
Bagikan Artikel ini :
+
Previous
Next Post »

Posting Komentar

Terima Kasih Sudah Berkomentar
 
Back To Top