Tempat Ngeblogna Orang Balida

Pupujian Rundayan Rosul

https://hitclicknow.files.wordpress.com/2010/10/silsilah21.jpg?w=893
 

Emut kapungkur, tiap saacan magrib teh sering ngadangu ieu, ngan can apal wungkul. Katingalna mah, asa alit kacida ieu teh rarasaan mah. Tapi, rundayan rosul teh atuh da wajib uningana pikeun jalma muslim mah. Apan patokan wajib teh "Diganjar ku midamelna, sareng di siksa ku ninggalkeunna". Jadi, nya urang silih ingetan we ayeuna mah nya. 
Nah kieu nazhoman na teh :

Wajib ka jalma islamna # Uninga rundayannana
Kanjeng nabi utusan Allah # Muhammad putra Abdullah

Abdullah putra Mutholib #  Mutholib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf #  Abdi Manaf putra Qushoy

Qushoy putrana Kilab # Kilab putrana Muroh
Muroh putrana Ka’ab # Ka’ab putrana Lu ay

Lu ay putrana Gholib #  Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik # Malik putrana Nazhor

Nazhor putra Kinanah #  Kinanah putra Khuzaimah
Khuzaimah putra Mudrikah # Mudrikah putrana Ilyas

Ilyas putrana Muzhor # Muzhor putrana Nidzar
Nidzar putrana Ma’ad # Ma’ad putrana Adnan

Wajib deui uningana #  Rundayanna ti ibuna
Kanjeng nabi utusan Allah #  Muhammad putra Aminah

Aminah putrana Wahhab # Wahhab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh # Zuhroh putrana Kilab

Tepang deui ti ramana # Ti Kilab jangawarengna
Jadi ibu jeung ramana # Masih keneh sarundayan 2x


Panginten, mung sakieu wae anu tiasa diserat ayeuna mah. kirang langkung na mah nyhunkeun dihapunten. Hayu urang silih elingan dina kahadean sareng kataqwaan !

Hatur nuhun. . .
Artikel Terkait
Bagikan Artikel ini :
+
Previous
Next Post »

Posting Komentar

Terima Kasih Sudah Berkomentar
 
Back To Top